Kamis, Mei 12, 2011

repost from WWW.KETAWA.COM

sumpah, ini lawakan sunda kocak abis. ngakak tengah malem :D
chek it out :

ngawulang di SD

Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot, tina dandanana mah siga guru SD eta teh, diuk na angkot di hareup gigireun supir. Bari ngadagoan angkotna pinuh, supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta.
Supir : "Dupi ibu ngawulang di SD?"
Bu Guru : "Muhun"
Supir : "Ngawulang Seni...?"
Bu Guru : "Sanes"
Supir : "Agami...?"
Bu Guru : "Sanes..."
Supir : "Ngawulang naon atuh..?"
Bu Guru : "Ngawulang Bahasi....!"
Supir : "Ooo...hh..!" Ceuk supir bari nincak gas.


2X2 = 0

Basa dina pelajaran matematika SD,

Guru : "Opat tambah dua sabaraha Nang?"

Unang : "Genep Pa"

Guru : "Alus, ari lima dikurang dua sabaraha Ti?"

Tuti : "Tilu.."

Guru : "Bener... ari dua dikali dua sabaraha Lih?"

Olih (bari luak-lieuk) : "Seep Pa Guru ...."

Guru : "Naha bisa kitu Lih ?"

Olih : "Muhun pami tangkal sampeu dua dikali duanana nya seep we..."

Guru : "??!!"


nuntut elmu

Hiji poe Bu Mirna guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu.
Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Mirna nanya ka barudak kelas lima.

Bu Mirna, "Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa maneh?"

Barudak, "Maneeehh......!" Ceuk barudak saur manuk.

Bu Mirna baeud.

basa lemesna

Ua Sas: "Cik, ari lemesna leungeun naon?"
kang Hendri : "Pananganan"
Ua Sas: "Lemesna suku?"
kang Hendri: "Sampeyan..."
Ua Sas: "Tah ayeuna...ari lemesna beas, naon?"
kang Hendri mikir...uleng lila....naon nya?
Ua Sas: "Tipung...!!!!"
hahaha.... (MJ)