KANGGO SALIRA
jungjunan
wengi ieu karaos pisan sonona..
beuki lami..
beuki dieu..
unggal usik
unggal malik..
duh..
geuningan rindat salira nu karaos..
..
aya anu gumuruh dina lebet dada ..
tos lami teu kedal..
mung ukur dibuni-buni..
disimpen dinu pangnyingkurna..
..
Jungjunan…
unggal dinten ..
nu diantosan wartos salira
nu diimpen mung salira
sanaos tara nyarios dina impenan..
mung ukur gumujeng bari ningalikeun..
deudeuh pisan..
duh..
jungjunan
..
tapi geuningan nyata..
salira geuning nyaah pisan..
deudeuh pisan..
tresna pisan..ah..
kuring bade teras gugah..
bade nguping wartos ti salira
bade merhatoskeun salira..
bade nyiar impenan anu katunda..
..
duh..
pamugi leres..
ieu teh bakal wujud..
masing teu terang iraha waktosna..
iraha jantena
duka atuh..
meni hese..
..
kabungah teh geuning aya hahalangna..
(punten lamun dianggit ku Basa Sunda nu saayana, da bade kumaha deui, mung dina tulisan kuring bisa nyarita)
Istimewa artinya, abang PA ku emang keren. halarakaperbawa